Contoh MC Pernikahan dalam bahasa sunda
Saat kita
menyaksikan acara resepsi pernikahan, kita akan menjumpai seseorang yang sangat
penting dalam acara tersebut. Seseorang yang mengatur jalannya acara sehingga
acara tersebut berjalan lancar dan tepat waktu sesuai dengan yang di jadwalkan.
Itu adalah
seorang protokol atau pembawa acara atau biasa disebut MC (Master of Ceremony).
Banyak
orang menganggap bahwa menjadi seorang MC itu sepele tapi sesungguhnya berkat jasanya semua
acara berjalan sesuai dengan jadwal yang telah ditentukan.
Menjadi seorang
MC membutuhkan keahlian khusus terutama dalam hal berbicara merangkai
kata-kata.
Terlebih
acara tersebut dibawakan dalam bahasa daerah yang tentunya berbeda dengan
bahasa Indonesia.
Dalam
bahasa daerah biasanya ada kata-kata atau istilah-istilah yang jarang digunakan
dalam percakapan sehari-hari.
Namun pada
dasarnya semua orang bisa menjadi pembawa acara (MC), asalkan tidak memiliki
gangguan pada suaranya.
Bagi yang
ingin mencoba menjadi seorang MC, pada Artikel kali ini saya akan berbagi teks
sederhana untuk MC resepsi pernikahan dalam bahasa sunda.
Teks kali
ini merupakan acara pernikahan secara umum, anda bisa menyesuaikannya dengan
tradisi acara pernikahan di daerah anda.
Berikut ini
adalah contoh teks pembawa acara resepsi pernikahan dalam bahasa sunda.
BUBUKA
Assalamua’laikum
Wr. Wb.
Bapak-bapak,
Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha
ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan
parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah,
purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika
pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.
Pangersa
calon panganten pameget miwah rombongan.
Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.
Calon
panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap
calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN
MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).
Haturan
wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma,
sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahmannirahim.
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.
Sok sanaos
sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata
titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah,
rasa, lisan dina saliring dumadi. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul,
namung kedah di sarengan ku ucap .
Teu sae
miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran. Namung kedah di
bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku Pangersa ………………………
Ngahaturkeun
nuhun ka Pangersa ………………. Nuparantos
ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo
numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon
panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi
jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga
geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN
Para wargi
sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan.
Lain
lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja
ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser
daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget
sareng cacandakanna.
Sim kuring
saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di
sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.
Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga
cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di
tampi ku Ibu calon panganten istri.
Nusanes
namah di antaykeun wae.
(Mangga
calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).
AKAD
NIKAH
Para wargi
sadayana,
Niti wanci
nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na
dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng__cep
___
Jangji
urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti
para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak
calon panganten istri ka luar).
Sumangga
ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah.............
Alhamdulillah
wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a
ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.
Acara
salajengna di teraskeun kana sungkeman. (Mangga ieu acara disanggakeun ka
pangersa________)
DO’A
Acara
munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna
kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a. Kangge mimpin ieu
do’a. mangga ka pangersa ______ di haturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi, undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah.
Wabillahi
taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.
Demikian
contoh teks untuk pembawa acara resepsi pernikahan dalam bahasa sunda. Mudah –
mudah dapat bermanfaat. Bagi pembaca semua
0 Response to "Contoh MC Pernikahan dalam bahasa sunda"
Post a Comment