Teks Sungkeman Pernikahan Sederhana dalam bahasa sunda

 TEKS SEMBAH SUNGKEM DALAM BAHASA SUNDA

Sungkeman atau dalam budaya Sunda disebut sembah sungkem dilakukan setelah acara akad nikah oleh kedua mempelai kepada kedua orangtua masing-masing dengan tujuan mohon doa restu atas akan memulainya kehidupan bahtera rumah tangga. Sembah sungkem juga dilakukan kepada nenek dan kakek atau saudaranya masing-masing. Berikut saya lampirkan teks sembah sungkem sederhana dalam Bahasa sunda. 

Ka dulur-dulur anu sami rawuh, sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, Kumargi kita paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.

Ngawitan Bismillahirrohmanirrohim. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Mahasuci. Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan :Bismillah ….Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir(.

Mangga ka pasang panganten, geura lumampah hidep  nyaketan kana pangkonan ibu rama A’udzubillahi minasy syaithonirrojim

Kasép, Geulis.Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama.

 Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa. Bayangkeun kua hidep yén dina satétés getih anu ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan.

Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung, 

pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Mamah, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung.Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik. Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga.Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek. Ti harita Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing. Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura. Naning anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak.

Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa, rep sidakep

Ujang, nyai – kasép, geulis  Asa kamari hidep kubapak  disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah jeng bapak . Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Bapak , si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama. Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku Mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.
Sok didu’akeun ku Bapa jeng ku mamah  lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Teks Sungkeman Pernikahan Sederhana dalam bahasa sunda"

Post a Comment